Gentra Sawargi Jawa Barat

Basa jeung Budaya cicirén Bangsa, mangrupa jati diri tur mibanda ajén inajén linuhung tur agung.

View in Telegram

Recent Posts

curug Cinulang YAYAN JATNIKA.flv
Miéling POÉ BASA INDUNG SADUNYA
"MAGEUHAN TATAPAKAN BASA SUNDA"
Basa Jeung Buadaya Cicirén Bangsa
PÉPÉLING
geuning maot ngadodoho,
boro sok dipoho-poho,
datangna teu méré nyaho,
ngageretak taya témpo,

horéng nyawa reujeung badan,
nu geus lila babarengan,
datang mangsa pipisahan,
paturay tineung amitan.
Basa jeung Budaya Cicire‌n Bangsa.
Jumlah Jiwa Suku Sunda No.2 setelah Suku Jawa
- Jumlahna jiwa suku Sunda: ±36.000.000 jiwa.
- Persentase: 15%.
- Bahasa: Sunda.
- Lokasi Utama: Provinsi Jawa Barat.
(sumber blog spot indonesia_merdeka)

Tapi....masih seu-eur urang Sunda lepat nyerat bahasa milikna. SEDIH.... terutami nyerat Huruf vokal.

Dina basa sunda aya 7 huruf vokal < a, i, e‌, u, o, é, dan eu > tapi, aya 3 masalah dina ngagunakeun huruf vokal ieu.
OMAT kudu inget be‌dakeun é, e‌, jeung eu.

contoh :
e = selimut, angken, angker, antep, wilujeng, pareng.
é = émbér, mésér, sé-ép, éléh.
eu = peuteuy, peuyeum, pareum, beunta, baheula, ayeuna.
Masih aya anu salah nulisna.

contoh :
peuyeum sok ditulis peyem, endog ditulis eundog, angken ditulis angkeun, wilujeng sok ditulis wilujeung jeung sajabina.
GUPAY KAMELANG.

Asa beuki harengheng, kasedih teu daek leungit.Terus terusan dulur, baraya, tatangga, sobat atawa babaturan ting laleos ninggalkeun urang.
Mun seug ditengetan, hirup teh lir ibarat balebat datang ngan sakolebat.
Ka uger ku poe. Urang hirup di dunya ngan tilu poé. Poé kamari, poé ayeunaé isukan.

POÉ KAMARI,
Nu geus kaliwat, pamohalan bisa amprok deui. Ngan natrat ngalangkang lampah nu geus disorang pikeun nuyun lakuning hirup poé ayeuna jeung poé isukan, sangkan teu sasar nya lampah.

POÉ AYEUNA,
Nu keur karandapan, dilakonan ku urang. Kahirupan poé ayeuna kudu leuwih hade ti poé kamari, pibekeleun mulih k jati mulang ka lemah cai anu sajati nuturkeun babaturan atawa dulur jeung baraya nu geus indit tiheula.

POÉ ISUKAN,
Nu bakal kasorang.Teu apal naon nu bakal kasorang poé isukan. Biheung nepi biheung moal urang ka poé isukan.

Urang kudu rancingeus ngamangpaatkeun waktu jeung syukuran kana ni'mat nu dipaparin ku Alloh SWT. Diantarana ,masih kénéh ngumpul ngariung jeung kulawarga.
Mun seug budak réwél, bedegong, minculak, urang contoan ku lampah urang nu hadé, urang didik, atik ku rasa kaasih, jeung atikan agama nu hadé.
Papagahan ku rasa kanyaah, olo ku rasa pangogo.
Pantengkeun syukur urang anu masih kénéh bisa babarengan, maranéhna masih bisa ngeusian haté urang. Boa isuk atawa pagéto maranéhna "ninggalkeun urang" Atawa urang "nu ninggalkeun maranéhna".

Saréwél réwélna salaki atawa pamajikan, kudu disyukuran sabab masih kénéh hirup babarengan.
Mangpaatkeun ieu waktu pikeun silih simbeuh ku kadeudeuh, silih sebor ku kasono, silih siram ku kanyaah ku sacara agama numutkeun jungjunan urang Rosululloh SAW, Sabab teu apal, boa isuk atawa pagéto " pasangan hirup ninggalkeun urang" atawa "urang ninggalkeun manéhna"

Sagoréng goréngna pasangan, babaturan, sobat, kerabat, pasti maranéhna pernah nyieun kahadéan ka urang.
Inget terus kahadéan maranéhna.

Urang teu bisa ngitung waktu, nepi ka iraha bisa babarengan?
Bisa waé ngadadak, urang kaleungitan sobat, baraya, tatangga..
Padahal cikénéh atawa kamari urang sempal guyon gogonjakan, silih do'akeun jeung maranéhna.

Kukituna, sanajan diri patebih, raga paanggang.Teu tiasa paamprok jonghok, patepang raray , patarema panangan, ngalangkungan grup WA ieu, pamugi mimitran ulah rék bengkah.

Urang beungkeut pageuh ku tali kaasih, cangcang ku simpay kamelang.

Ecagkeun pagawéan anu hésé, mangfaatkeun oksigen gratis ti Alloh SWT jeung vitamin D tina moncorongna panon poé, larapkeun ku syukur anu merenah.

Salam baktos ti sim kuring

https://t.me/GentraSawargi
Harepan mimiti ngolényay, basa indung bakal buru-buru kapanggih deui, terus engkéna baris difungsikeun sakumaha mistina.

Tepi ka ieu tulisan disusun, tim ékspédisi masih tacan mulang. Ngan béjana, di tengah laut remen aya angin lilimbungan, ombak tingjurungkunung tanding gunung. Loba jalma nu ngarasa salempang, najan sabagian leutik aya kénéh anu boga lolongkrang pikeun munajat ka Nu Maha Kawasa.

(Tatang Sumarsono)
t.me/GentraSawargi
Geus ilang sopan santun, bari amarah gé babari pisan mudugdug. Anak merkarakeun indung, murid ngakalakeun malah neunggeulan guru, atawa hitut wenang di mana waé dutna. Panghargaan geus teu ditujulkeun kana pribadi jalma, tapi cukup dikotrét dina salambar piagem. Hohoak bisa diumbar iraha waé, sanajan ka pulisi nu tugasna ngajaga katartiban jeung kaamanan. Geus teu nyampak bangsaning papatah, siloka, katut kaarifan lokal. Manusa geus ngamétamorfosa jadi sasatoan, najan karék sawates dina sesebutan, hususna anjing.

Ari anu ngajaga jeung miara akar budaya, ah apan éta mah pancén patunggon musieum nu geus melengkung bongkok balas lawas kasakit eungap. Da ari anu nyampak dina kahirupan nyata mah apan masarakat kosmopolitan nu salawasna jadi angen-angen balaréa jeung jadi udagan utama. Geura ngariblat ka nagara maju! Leupaskeun jatidiri, ngarah bisa nyawang legana dunya! Kitu tah bangsaning papagon anu remen ngaweuhan, atawa dipublikasikeun maké poster diréka-réka anu sangeunahna dipaku dina tangkal ngarangrangan di sisi jalan.

Tapi apan ari hirup mah teu béda ti gilinding anu terus muter. Éta téh lain paribasa, tapi ceuk kanyataan. Aya waktuna di handap, séjén waktu ngarangsod ka luhur. Ngan nya kitu téa, umumna jalma mah mun geus cicing di luhur sok tuluy betah. Tara ingeteun yén dina hiji mangsa mah bakal turun deui ka handap. Remen kajadian, bungah nu kaleuleuwihi ngalantarankeun jalma jadi poho yén mangsa nu bakal disorang téh teu salawasna ngempray kawas néon.

Tah, kitu kanyataan anu keur lumangsung gé, kahirupan jadi awut-awutan, anu pamustunganana terus nyungseb. Dunya jadi pabaliut, matak lieur ngabandunganana. Kajadian anu sama sakali teu dipiharep bisa waé ngadadak nembrak hareupeun tarang: nu jadi anak nyéntakan jeung cucungah ka kolotna, sesepuh kampung anu sakitu hormateunana dicarékan laklak dasar ku budak angon bari jeung alesanana mah teu pira, atawa tukang ojég ujug-ujug aya nu ngadék di pangetéman tanpa alesan anu jelas, komo deui mun manjing akal. Kaayaan jadi kacow, sabab naon waé nu dipilampah ku warga masarakat geus leupas tina akar budaya kahirupan. Balaréa geus leungiteun titincakan jeung adeg-adeg, anu antukna barudak anu mimiti tumuwuh déwasa teu kungsi dibekelan ku ajén-inajén anu geus kauji dina panjangna mangsa.

Kacaritakeun dina kondisi kawas kitu téh, aya sabagian warga (cenah, jumlahna terus nambahan) anu ingeteun deui kana basa indung. Mun téa mah basa indung masih aya di kieuna, kitu nu sok jadi bahan catur di antara maranéhna, jigana kahirupan téh moal tepi ka ambruk kawas ayeuna, sabab aya kénéh anu bisa dijieun cecekelan, sok sanajan ukur barang warisan heubeul.

Beuki lila, beuki loba anu engeuh kana pentingna basa indung enggoning ngawangun karakter manusa. Nya ku sabab éta, terus waé diayakeun seminar, ngondang sajumlahing narasumber ahli, atawa anu akon-akon ahli (ukur ngandelkeun gelar anu ranggéténg). Jejer anu dika-hareupkeun gé henteu bombastis kumaha ilaharna seminar, tapi dina ungkara anu basajan pisan: kumaha carana mulangkeun basa indung kana tempat asalna.

Tapi, ari ayeuna basa indung nya di mana ayana, satutas pada nundung ti saban imah? Para narasumber ngarasa bingung. Ari sababna mah, produk anyar hasil daur ulang basa indung téh geus moal bisa dipulangkeun deui ka asal, komo mun geus kakontaminasi, utamana ku pamolah pulitisi jeung pamangku kakawasaan anu ngarasa dirina kawasa tanpa wates wangen sarta teu kaopan lamun dikritik.

Untungna bet manggihan jalan pikeun ngungkulan pasualan, sanggeusna aya informasi hawar-hawar ngeunaan ngangkleungna basa indung ka tengah laut, dina mangsa anu geus kalarung. Nya, hal éta anu dijieun tatapakan enggoning nyieun kacindekan seminar téh, sok sanajan bangun anu rada dijieun-jieun.

Geus kitu mah terus waé dadahut, tim ékspédisi anu rék néangan basa indung ka samudra sagancangna dibéré pancén. Kapal anu ngagunakeun pakakas sarwa canggih geus tatahar di palabuan, laju mimiti tarik jangkar ngambah legana sagara, dijajap ku jutaan jalma anu ngarégrég sisi basisir.
BASA INDUNG
(Ditulis dina raraga miéling Poé Basa Indung sa-Dunya, 21 Fébruari)

Basa indung ditundung, sina nyingkah ti jero imah. Atuh ukur bisa hual-hiul di buruan. Tapi da teu ceurik teu sing. Henteu terus téténjrag deuih, komo tepi ka ngadalak nu boga imah mah. Bangun nu sadrah waé, narima kana kulak canggeum bagja awak.

Ah, taya nu miroséa, kajaba tukang kindeuw anu saban isuk sok nguyab-nguyab wadah runtah. Éta basa indung dina wadah runtah téh dipulung, terus dibebeskeun kana karung, dihijikeun jeung barang rongsokan lianna.

Di tempat bandar rongsokan, basa indung téh kaasup anu dtimbang, dihijikeun jeung barang bubututan lianna. Créng waé diduitan. Basa indung laju ditumpuk jeung bangsaning raradutan, saméméh diunggahkeun kana treuk. Dius waé dibawa ka pabrik daur ulang.

Aya ogé basa indung anu teu kabanjut ku tukang kindeuw, sabab geus nyangkorah dina solokan pacampur jeung limbah. Dina mangsana cur hujan, éta solokan limpas. Basa indung kabawa angkleung-angkleungan ka walungan, terus palid mihilir, anu antukna cunduk ka laut. Tah, teu kungsi karékam ku kaméra para jurnalis da, naha basa indung téh terus kérem maturan kapal pamayang asing anu diterebkeun, atawa nyangsang dina batu karang nyalohcor. Ukur semet aya béja ti sawatara urang anu kabeneran nempo: basa indung geus kabawa palid ka sagara.

Ari anu dibawa ka pabrik daur ulang milik taipan, basa indung téh terus dijieun produk anyar. Nya ngajanggélék jadi barang anu geus béda tina aslina. Pokona matak kalinglap, sanggeusna dikemas jeung didisain pikatajieun mah. Ti dinya terus diiderkeun-dipasarkeun, bari dirojong ku iklan bébéakan. Balaréa loba nu kabitaeun, komo deui sanggeus dipaké parangkat kampanyeu ku pulitisi pikeun ngeduk simpati publik mah.

Tah, ayeuna kacaritakeun kumaha ari kaayaan di jero imah, ti sanggeusna basa indung ditundung. Horéng anu jaradi indung geus poho kana basa indung. Kitu deui anu jaradi bapa, ngarasa kasépna téh justru sanggeusna teu nolih basa indung. Atuh barudakna, ukur tingcirihil waktu noélan layar gawéy anu fitur jeung eusina pasti teu ngagunakeun basa indung. Naon rupaning hal ti nagara mana boa, blas-blus ka jero imah, mangaruhan kana jiwa sakur anggota kulawarga, terus ngonci dina ati.

Yén hirup téh kudu dimodérenkeun, éta mah tapsir para patinggi nagri, kana mukadimah konstitusi. Peradaban diwangun ngaliwatan gedong jarangkung jeung super markét anu sakitu gagahna, ngandih pasar tradisional. Geus tara kapireng nu nyarita ku basa indung dina keur jual-beuli, kitu deui labél harga dikemas saluyu jeung jaman globalisasi. Pamukiman modéren katut rupa-rupa fasilitasna diwangun dumasar kana konsép hétéroginisasi, tanpa ngajakan heula badami kaom pribumi. Éta pangna jlug-jleg pamukiman anu ngagunakeun ngaran gagah ngadunya, lain kekecapan anu dianggap kampungan anu ngébréhkeun kayaan alam aslina.

Transportasi antar kota tambah tingsariét-tingseleber, ngalantarankeun jalma beuki rurusuhan. Aya nu sibuk lantaran loba gawé, aya deuih ngarasa dirina digawé padahal mah ukur diuk cameubleu, upamana waé maranéhna anu remen memener dasi, bari nganggap dirina terhormat duméh ngarasa ngawakilan pangeusi nagri.

Tangtu waé éta kabéh mikabutuh waragad gedé. Ngahutang ka luar nagri jadi pilihan pasti. Naon waé sakur nu nyampak diijonkeun, kajaba basa indung, da mémang éta mah henteu payu. Nya ku sabab éta, basa indung dicorét tina daptar menu nu nyarieun kawijakan. Béda deui jeung acara milih putri ayu anu dianggap ngadongkrak citra anak bangsa.

Grafik konsumsi ngajaul taya eureunna, anu antukna keran impor dibuka salega-legana kotka ngablag. Hirup ngan patali jeung urusan beuteung malulu anu ka dituna ngan ukur ngahasilkeun énergi pikeun sapatemon. Barudak sakola gampangeun pisan nyieun filem porno, terus diunggah ka dunya maya bari tingcikikik. Naon waé ogé sarwa bisa sarta taya pantrangan.
Mapag Warsa Anyar

Ayeuna poé Kemis anu pamungkas,
Dina taun 2020
Haté asa kagagas,
Nyérédét bet karasa asa waraas,

Nyawang mangsa anu lawas,
Awak keur jagjag waringkas,
Harita masih kénéh tangginas,
Tetempoan cékas jeung béngras,

Teu karasa umur nambahan,
Sésa hirup beuki ngurangan,
Loba anu tacan kacumponan,
Kahayang tacan kawaranan.

Sanajan loba kapanasaran,
Anu teu bisa kabadanan,
Usaha jeung taréqah tetep dilakonan,
Bari jeung kawates ku kamampuhan.

Taun 2021
Buka ku lambaran bodas,
Pancegkeun niat anu labas,
Papag ku haté nu bangblas...

Wilujeng mapag Taun anyar,
Mugi baraya aya dina hibar,
Salawasna séhat jeung cénghar,
Dina ridho Allohu Akbar.

Aamiin yaa rabbal 'aalamiin.
Hapunten samudaya kalepatan Mapag Warsa Anyar
T.me/GentraSawargi
INDUNG

Ti jagjag nepika bengkung
Tapi indung tara pundung
Sanajan tisuksuk tidungdung
Tara pisan udar gelung

Indung..
Sanajan cape tapi tara humaregung
Pinter nyumputkeun kapeurihna
Cimata anu remen nyalangkrung
Lamun anakna meunang kabingung

Indung..
Laér aisan lega pangampura
Lahunan Indung pikeun anakna
Kanya’ah Indung teu tepung tungtung
Ka deudeuh Indung ngaleuwihan tangtungan gunung

Indung..
Sanajan teu kantos lami terang ka Indung
Sanajan sakolebat apal kana raray indung
Sanajan sakedap kenging kanya’ah Indung
Tapi kuring terang kumaha kanya’ahna Indung

Indung..
Sanajan kuring can jadi Indung
Tapi kuring Tos jadi hiji Indung
Nu matak apal kanya’ah tur kamelangna
Nu jadi Indung ka Anakna.
HIRUP KATUNGKUL KU PATI

Asa cikénéh, Kamari Jum'at Ayeuna geus Jum'at deui

Umur teh disiksik Ku detik Diciwit ku menit Dipurutulan Ku Jam
😭
Muterna waktu Ti saban ka saban Ti poé ka poé Ti minggu Ka minggu Mapay Bulan Naék ka taun

Teu Karasa Dosa loba Nu dipilampah Loba ibadah Nu can di Pilampah

Pamugi gusti Abdi sadaya Sing janten Jalmi anu di Paparinan taufik Sareng hidayah Istikomah Dina ibadah Barokah Tur husnul Khotimah
🤲
Aamiin ya Robalallamin
ASAL USUL kecap CILAKA12

Di tatar Sunda seu-eur pisan siloka kalebet kecap SUNDA éta ngabogaan harti anu jero.
SUNDA téh ngandung harti NU NYUSUN DINA JERO DADA.
Anu kudu nyusun dina jero dada téh nyaéta kalimah :

لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللّهُ

Jumlahna aya 12 huruf, ngandung Harti aya 12 kawajiban, nyaéta
6 kawajiban bathin,
5 kawajiban dohir.

Kawajiban bathin nyaeta Rukun iman 6.
Kawajiban dohir Rukun Islam 5 ditambah jeung Ikhsan 1.
Jadi jumlah 12.
Lamun manusa geus Iman, Islam tur nepi kana Ikhsan, ngarasa neuteup jeung diteuteup Ku Alloh, tinangtu éta jalma boga rasa rumasa, salamet hirup jeung kahirupanana.
Sabab teu aya deui cilaka nu pang gedé gedéna, iwal ti cilaka 12, nyaéta manusa nu geus teu percaya ka Alloh teu maké Iman, Islam jeung komo Ihsan. nu12 huruf tadi.

لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللّهُ

Mugi mangpaat kanggo sim kuring oge wargi sadayana.

#piwuruksepuh
t.me/gentrasawargi
Piwuruk Sepuh
Dina awak sakujur téh aya dua unsur, nyaéta : jasmani jeung ruhani.
Dina bahasa sunda aya kecap JISIM KURING Jisim /jismun hartina Jasad, awak sakujur. Kuring/Abdi nyaéta Ruhani
1.JISIM/jasad, bakal BILATUNGAN
2. KURING/RUH, bakal BALITUNGAN
RANGKEDUT: Kata kata mutiara Bahasa sunda
http://officialrangkedut.blogspot.com/2015/03/kata-kata-mutiara-bahasa-sunda.html?m=1
putrasunda: Kumpulan Mantra, Ajian, Rajah, Singlar, jangjawokan, Asihan Sunda
http://blogkabehbaraya.blogspot.com/2013/10/postingan-kali-ini-saya-bahas-tentang.html?m=1
Galoeh-Tea: kumpulan Ajian-Jampe-Rajah-mantra-jangjawokan sunda
http://sangkuring-natana.blogspot.com/2012/01/kumpulan-ajian-jampe-rajah-mantra.html?m=1
Kuringmah Urang Sunda!: Rajah Sunda (Seni Papantunan)
http://sundaneseethniccanszz.blogspot.com/2012/12/rajah-sunda-seni-papantunan.html?m=1
AJAL JEUNG PATI
(seratan KH.E.Addullah) 1981

Hirup katungkul ku pati, paéh teu nyaho dimangsa. Lamun datang teu bisa dihalang, rék embung rék hayang tetep kudu mulang, teu nolih kanu ceurik moal ngaladénan nu lolongséran, tetep mulang teu bisa dihalang.

Barudak ngadadak yatim, indungna ngadadak jadi randa, indit tanpa pamit. Teu wasa sasadu heula, atawa pupulih rék indit, malah teu werat muka baju sorangan, mandi ogé dimandian kunu lian.


Imah meunang hayang ditilar, dulur dikantun, harta taya anu kabawa, lain teu boga bawaeun ngan geus teu bisa mawana sarta geus teu aya gunana.

Diusir lain kunu lian tapi ku baraya urang sorangan geus embung kaancikan, kapaksa disingkirkeun, tinu caang kanu poék, tinu lega kanu heurin, tinu kasur hipu kanu teuas, nyengceling nyorangan taya pisan anu nulungan.

Ari maot téh pasti...
Lamun urang maot...
Kumaha?...
Sieun ku maot tapi disampeurkeun, tambah umur tambah deukeut ka lawang kubur. Nganteurkeun anu maot remen, ngaliwat kuburan biasa, tapi langka anu inget kana datangna ajal geusan nambah ngaréaan amal.

OMAT ULAH GAGAL NALIKA DATANG AJAL...!!!

https://t.me/GentraSawargi
DASA PASANTA

Pikeun bisa ngalaksanakeun Parigeuing téh carana kudu bisa ngalaksanakeun heula Dasa Pasanta (hartina Sapuluh Panengtrem Haté). Maksudna kumaha carana pikeun nengtremkeun haté jelema nu diparentah supaya dina digawéna téh iklas tur sumangetna ngagedur.

Ari panengtrem haté anu sapuluh rupa téh nyaéta:

1.Guna. Tegesna jelema nu diparéntah teh kudu ngarti-eun naon gunana tina nu diparéntahkeun téh.
2. Ramah. Paréntah kudu ditepikeun kalawan wajar jeung saréh, ramah tamah, amis budi. Bakal ngarasaeun dihargaan sabagé manusa nu boga ajén pribadina.
3. Hook. Ho-okeun (B.Ind: kagum). Paréntah karasana saperti gambaran hookeunana (kekaguman) kana kabisana (kamampuh) nu diparéntahna.
4. Pesok. Hartina kapikat haténa (reueus). Jadi paréntah kudu ditepikeun ku cara nu matak kapikat hate, nu nimbulkeun rasa reu-eus dina dirina.
5. Asih. Nyaéta rasa nya-ah. Tepi ka karasaeun yén dirina téh lir ibarat babagian tina diri nu maréntahna. Jadi milu tanggungjawabna téh bari gembleng haté.
6. Karunia/Karunya. Tegesna paréntah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung ogé mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina.
7. Mukpruk. Tegesna kudu bisa ngalelemu. Tepi ka ngarasa yen digawé téh lain kapaksa, tapi geus jadi tugasna.
8. Ngulas. Ayeuna dina Basa Indonesia disebut mengulas. Tegesna kudu bisa méré komentar (ulasan) kana pagawéan bawahan ku cara nu surti tur lantip.
9. Nyecep. Tegesna bisa niiskeun pikir nu diparéntah, supaya genaheun pikirna. Boh ku lisan komo bari aya lar barangbéréna mah.
10. Ngala angen. Nyaéta bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silaturahmi nu wajar. Bakalna timbul rasa satia (loyal) ka pamingpinna.

PANGIMBUHNING TWAH

Jaba ti Parigeung jeung Dasa Pasanta téh, dina naskah éta kénéh aya nu disebut Pangimbuhning Twah, nyaéta pituduh tatakrama hirup kumbuh sapopoé, sangkan manusa hirupna teh boga pamor (B.Ind: bertuah). Upama disundakeun ayeuna mah hartina teh Pangjangkep Pikeun Boga Pamor.

Aya 12 pangjangkep tatakrama nu kudu dicumponan ku unggal jelema teh nyaéta:

1. Emét. Tegesna digunakeun saeutik-saeutik (saemét-emét) supaya kapakéna. Hartina henteu konsumtif.
2. Imeut. Tegesna taliti euweuh nu kaliwat (B.Ind: cermat).
3. Rajeun. Saharti jeung rajin. Bisa ngamangpaatkeun waktu.
4. Leukeun. Saharti jeung junun, suhud (B. Ind : tekun). Bakalna téh tepi ka nu dimaksud jeung loba hasilna.
5. Pakapradana. Bisa dihartikeun sonagar, wanter. Bisa ogé dihartikeun pantes barangpakéna.
6. Morogol-rogol. Hartina boga karep pikeun maju, gedé sumanget, henteu éléhan. Ulah sotéh murugul, nyaéta sipat jelema nu hayang meunang sorangan.
7. Purusa ning Sa. Hartina boga jiwa pahlawan. Wani nangtung panghareupna dina aya kasulitan. Tara nyalahkeun batur. Gedé rasa tulung tinulungna.
8. Widagda. Tegesna wijaksana. Pikiran jeung rasana (rasio katut rasana) bakal saimbang. Mikirna bisa cékas tur adil.
9. Gapitan. Hartina wani bakorban pikeun kayakinan dirina.
10. Karawaleya. Tegesna balabah (B.Ind: dermawan), resep tulung tinulungan.
11. Cangcingan. Ayeuna sok disebut cingceung, tangginas (B.Ind : gesit).
12. Langsitan. Bisa dihartikeun rapékan, terampil, binangkit, binekas. Ceuk basa ayeuna mah loba niléy pleusna.
Tapi aya 4 pasipatan (tatakrama nu teu hadé, anu non étis), nu dipahing ku para luluhur Urang Sunda, disebutna PAHARAMAN nyaéta:

1. Pundungan. Ayeuna ogé istilah pundungan dipiwanoh kénéh. Moal boga sobat. Hirupna moal maju.
2. Babarian. Ayeuna mah sok disebut gampang kasigeung (B.Ind: mudah tersinggung). Moal boga sobat. Hese maju. Hésé meunang pitulung.
3. Humandeuar. Aieu téh kaasup pasipatan nu kacida goréngna. Tanda hengker jiwana. Teu mampuh nyanghareupan kasulitan.
4. Kukulutus. Ieu mah pasipatan anu panggoréng-goréngna, kitu ceuk karuhun baheula. Hirup bakal munapek. Beungeut nyanghareup ati mungkir, béngkok sembah ngijing sila. Digawéna puraga tamba kadengda. Kasatianana saeutik pisan. Bisa ngahianat ka dunungan atawa ka babaturan.
http://t.me/GentraSawargi
See more posts

View in Telegram