URANG SUNDA ASLI
Ngamumule basa sunda
Recent Posts
Hayu ka TPS!
Sholat Tara, Ngaji Tara. Ari cita-cita hayang ka sawarga. Ari Sia cageur ?
https://t.me/urangsundaasli
https://t.me/urangsundaasli
🫣
Papatong - Bah Dadeng (Versi Akustik Gitar) Cover by Anjar Boleaz & Santi Aditya
https://s.gotube.pro/6SOxOM
https://s.gotube.pro/6SOxOM
kitu leres?🥹
Éta pépéling téh salahsahijina ditépakeun ngaliwatan
kila-kila. Kila-kilana di mana dunya ngariyeg, basisir
ngolétrak, mangka kudu gura-giru marubus ka leuweung
atawa tempat anu laluhur. Tah waktu dunya ngariyeg (tanggal 26 Désémber 2004) urang Simeulue mah cenah,
cul naon-cul naon berebet baé marubus ka pagunungan.
Da kitu mungguh nurutkeun unggelna mitos. Teu wudu
ogé ari lemburna mah burakrakan. Ngan meureun, early warning system salaku antisipasi gempa & tsunami nu
kakara rék dibaladah ku pamarentah, méh tinggaleun
ketak ku urang Simeulue. Da keur urang Simeulue mah
early warning system enas-enasna mah pan nyampak dina mitos téa.
Nurutkeun sawatara katerangan, pangna urang
Simeulue loba nu saralamet téh ogé diSundang ku muhitna
kana kapercayaan patali jeung rupa-rupa pantrangan.
Upamana, urang Simeulue teu weléh mupusti alam
sabudeureunana (leuweung) lantaran patali sieun ku
saniskara pantrangan téa.
Warga umumna tuhu kana
papatah jeung kacida sieunna kana éta pantrangan.
Lantaran lamun éta pantrangan dirempak balukarna baris
nimbulkeun mamala boh ka dirina boh ka lingkunganana.
Tuhuna kana pantrangan téa, tumerapna leuweung-leuweung jadi angger weuteuh jeung sanget lantaran
taya nu ngaruksak jeung ngagunasika. Munasabah
ku weuteuhna leuweung, geus bisa nahan panarajang
rohakana lambak tsunami téa.
Apanan ajén-inajén budaya karuhun bangsa Indonesia baheula, kacida mupusti alam sabudeureunana.
Lantaran anggapanana yén unggal barang, lian ti mahluk
hirup, ogé ngabogaan jiwa atawa roh. Nya teu anéh mun
baheula mah lamun rék nuar kai gedé téh paribasana
henteu wasa lantaran kacida sakralna utamana sieun
aya mamala. Kai téh kakara dituaran lamun saméméhna
dilaksanakeun heula ritual.
Nurutkeun anggapanana yén
kai téh seuhseuhanana mah barang hirup nu ngabogaan
jiwa (roh). Ku kituna, éta kapercayaan téh méh nanceb dina batin-batin urang Simeulue. Éta mitos minangka sawangan
hirupna (weltanschauung) pikeun numuwuhkeun kasadar
jeung kasieun masarakatna sangkan tetep mulasara
harmonisna hubungan antara manusa jeung alamna.
Munasabah kaahéngan nu tumiba ka pangeusi pulo
Simeulue téh teu leupas tina kahanan rupa-rupa mitos nu
dianutna. Jadi, ditilik tina kajian antropologi mah mitos
téh ngabogaan pirang-pirang kagunaan, di antarana
pikeun ngadalikeun masarakatna (social control), alat pendidikan (pedagogical device), jeung alat “pemaksa” sarta “pengawas” sangkan norma-norma salawasna digugu tur diturut ku anggota masarakatna.
Cindekna, lamun mitos dipiara ganjaranana bakal salamet, sabalikna mun mitos diluli-luli balukarna bakal nandangan mamala.
Tina musibah di Acéh jeung Sumut nu pikaketireun, -utamana pasca tsunami- tétéla keur urang mah loba pisan tapakureunana. Hikmah
naon nu nyumput disatukangeunana? Bawirasa nyangkarukna wuwuh aya dina haté-haté nu jalembar.
Banda sasampiran nyawa gagaduhan.
Wallahu alam.
@urangsundaasli

URANG SUNDA ASLI:
*Dihin Pinasti Anyar Pinanggih*
Saha nu teu ngangres ningal pirang-pirang jelema
jeung sasatoan, ujug-ujug musna kaléléd lambak gangas
tsunami. Wawangunan jeung tatangkalan méh rata
jeung taneuh. Runtah pasoléngkrah di unggal tempat, ngahunyud di saban juru.
Tempat nu tadina éndah
jeung asri téh, deudeuh… kiwari ngan kari ruruntuk.
Kajadianana wuwuh sakedét nétra éstu teu disangka-
sangka. “Kakarénna” ukur nyésakeun rasa ketir jeung
watir ku ningali layon ‘ngabarugigag’ pabalatak di mana-mana. Dihin pinasti anyar pinanggih. Tegesing Alloh
parantos mintonkeun kakawasaanana.
Nu saralamet tina gulungan lambak gangas,
tingjarerit-tingkarocéak, awor jeung nu maridangdam
leungiteun anakna, kitu deui sabalikna. Nini-nini
rawah-riwih néangan incu kakasih. Bébéné kaleleban ku
beubeureuhna. Randa-randa tingsalegruk micangcam nu
jadi salakina. Kokotéténgan, mapay-mapay unggal layon.
Dilelekan bari disidikkeun sugan anakna, sugan bapana,
sugan indungna jsté. Ngan lolobana lain jeung lain baé.
Pon kitu deui, imah katut harta bandana burakrakan,
teu kaciri urut-urutna acan.
Loba nu bedah cimata,
tinglenggerek bakating ku nalangsa. Papakéan ngan kari
saraket awak. Pohara ngangresna lantaran lieuk euweuh ragap taya. Cindekna mah loba nu katalangsara, nunggelis pahatu lalis. Henteu sanak henteu kadang, hirup bet jadi
nunggul pinang.
Niténan korban tsunami harita nu kacida rohakana,
jadi ngangres kabina-bina.
Héabna mungguh kebat ka
mana-mana. Tina galona watir jeung ketir, bet ngagédéng
rasa kaahéng. Kahémeng téh duméh ngabandungan
nu tumerapna ka Pulo Simeulue. Nurutkeun data nu
maot ngan tujuhan, tina 6.306 jiwa jumlah pangeusina.
Mungguh mun ngudag kana logika mah asa pamohalan.
Malah éta pulo téh payus mun kudu pangheulana
carem kasirna lambak.
Nurutkeun akal séhat –utamana mun nelek-nelek kana peta- éta pulo téh apan sasatna
paeunteung-eunteung jeung pangdeukeutna ka puseur
lini. Anggangna ti puseur lini ka éta pulo (Simeulue) téh
nurutkeun Dr. Yusuf Surahman, M.Sc. Direktur Teknologi
Inventarisasi Sumber Daya Alam (TISDA) BPPT, kira-kira
60 km. Bandingkeun jeung ka Banda Aceh anu anggangna
kira-kira 400 km. Mungguhing mana kitu ogé Gusti téh
kagunganeun maksud anu tangtu.
Lian ti geus jadi katangtuan, dihin pinasti anyar
pinanggih, cék ujaring carita lobana nu saralamet téh
satemenna tumali jeung kapercayaan masarakat kana
mitos. Mitos téh sumebarna tatalépa sacara turun-
tumurun. Wallahu alam kumaha éta mitos téh dikemasna,
naha ngaliwatan carita (dongéng), pakeman basa, totondén jsté. Ngan seuhseuhanan eusina mangrupa pépéling nu
kacida dipuhit ku masarakatna. Cék sakaol, napakna ieu mitos, gelar tina luang nu kaalaman karuhunna dina
abad 19-an. Bawirasa lamun nuduhkeun dina abad 19-an
mah patali jeung bituna gunung Rakata (Krakatau) dina
tanggal 27 Agustus 1883.
Waktu Gunung Rakata, bitu, cenah laut téh kawas nu
kaserot. Basisirna ogé nepi ka saat ngolétrak. Loba lauk
nu tinggolépak kasaatan. Jalma pahibut nyarokotan lauk
nepi rada tengah. Tapi teu kungsi lila basisir nu tadina ngolétrak téh ngadak-ngadak pasang. Ujug-ujug léb baé kagulung ku
lambak -harita mah can
aya istilah tsunami- anu
pohara ngagulidagna méh
24 meter luhurna. Jelema nu
ngaralaan lauk téh kabéh
carem kaléléd lambak.
Lambak nu rosa kebat
hanjat ka darat, neumbrag
jeung ngababukan naon
baé nu ngahalangan.
Sabada surud, naon-naon
anu kasorang ku cai tuluy
kabawa palid ka tengah
laut. Tatangkalan, sasatoan jeung pirang-pirang jalma lir
beunang nyapukeun baé, jadi runtah di tengah laut.
Pulo-pulo nu aya di sapanjang basisir Sumatra (Samudra Hindia) kaasup pulo Simeulue ogé kalémbak.
Pirang-pirang pangeusina musna kabawa cai. Nya ku
karuhun éta pulo, utamana ku nu salamet, éta kajadian téh
dijadikeun catetan minangka pépéling keur sékésélérna.

Habib Abu Bakar Aththos al-Habsyi Ra. nyerat dina Tadzkirun Naas halaman 234, carios patepang dina impenan antawis Quthubul Habib Ahmad bin Hasan al-Aththas Ra. Sareng sapalihna jalmi ani soleh anu tos mulih ka rohmatuloh janten ahli barzakh. Kieu cariosna: ...Sim kuring (nyaeta Habib Ahmad bin Hasan al-Aththas Ra.) tos nngimpen ka sapalihna sholihin anu tos janten pangeusi alam barzakh. Sim kuring tumaros ka aranjeunna: "Rehna sim kuring sok emut oge ngadoakeun ka salira sareng ngicapkeun salam kalayan umum tei dikhususkeun, naha dugi ka salira?" Ngawaler mantena: "puguh wae nepi, mung bakal leuwih hak (kana naon nu ku anjeun dihadiahkeun) mun anjeun nyebutkan kalayan khusus jenenganna masing - masing."
Kumargi kitu, saena salian ti ngadoa jeung tahlil kalayan umum kanggo sadaya muslimin, maka leuwih hade lamun dikhususkeun oge kalayan disebat nama aranjeunna, supaya hadiah ti urang didugikeun kalayan khusus ka aranjeunna sahingga aranjeunna tambih seneng & gumbira kengeng hadiah anu ditujukeun khusus kanggo aranjeunna sareng atas nami aranjeunna secara pribadi. Nyakiti oge upami urang ziarah ka makam atanapi kuburan aranjeuna, salian salam kanu umum ahli - ahli nu dikuburkeun didinya, khususkeun oge salam kanu diziarahan ku urang. Kumargi kitu, Syaikhuna Kholil Bangkalan Ra ngajarkeun ucapan - ucapan salam anu umum sareng anu khusus ka tiap kuburan karabat nu ku urang diziarahan, ti kawit kuburan indung bapa urang dugi ka kuburan salaki pamajikan, sakumaha kacatet dina risalah at-Tahlil terbitan Lujnah at-Turats al-`Ilmi li Syaikhina Muhammad Khalil. Mudah-mudahan sing aya manfaatna.
Cag !

Susah senang omat sholat..